Commons:Léngkah munggaran

From Wikimedia Commons, the free media repository
Jump to navigation Jump to search
This page is a translated version of a page Commons:First steps and the translation is 90% complete. Changes to the translation template, respectively the source language can be submitted through Commons:First steps and have to be approved by a translation administrator.
Outdated translations are marked like this.
Ngilustrasi Wikimédia
Pituduh pikeun nyumbang kontén ka Wikimedia Commons

Wikimedia Commons téh naon?

Ku ngawadahan puluhan juta berkas, Wikimedia Commons téh minangka gudang/répositori onlén rupa-rupa berkas média. Diwangun sacara réréongan ku rébuan rélawan, Commons nyadiakeun berkas gambar, vidéo, jeung audio édukasional anu dipaké ku Wikipédia jeung proyék lianna anu ditangtayungan ku Wikimedia Foundation.
Sakur karya di Commons mibanda "lisénsi bébas", anu hartina bisa dipaké jeung dibagikeun ku sing saha waé kalawan bébas, luyu jeung aturan lisénsina - biasana ku cara nyebutkeun nu nyieunna sarta ngajaga lisénsina ngarah anu séjén ogé bisa ngabagikeun éta karya.




Kaca tepas Wikimedia Commons

Keur naon ilubiung di Wikimedia Commons?

Bayangkeun lamun di dunya ieu unggal jalma bisa babagi sakur pangaweruh. Anjeun bisa ilubiung. Nalika anjeun babagi poto jeung berkas lianna di Commons sarta ngeuyeuban artikel Wikipédia ku ilustrasi éta, karya anjeun bisa jadi ditempo ku rébuan - samalah ratusan rébu - jalma ti sakuliah dunya. Anjeun mantuan ngawangun sumberdaya babarengan anu ngahontal audiens anu leuwih lega; média ti Commons dipaké ku raramatloka atikan, warta, blogger, seniman, anu nyieun pilem, siswa, guru, sarta anu lian.



Siap mitembeyan
Wikimedia Commons?
Shortcuts
This project page in other languages: